Gejolak Ékonomi Nu Karasa Nepi ka Kampung
Dina sababaraha bulan ka tukang, masarakat di rupa-rupa daérah, kaasup di lembur-lembur, mimiti ngarasa beuratna kaayaan ékonomi. Harga kabutuhan sapopoé terus naék, mimiti ti béas, minyak goréng, gas, nepi ka bahan bakar minyak (BBM). Samentara éta, panghasilan warga teu salawasna naék sasaruaan. Akibatna, daya beuli masarakat beuki melemah.
Kaayaan ieu karasa pisan ku para palaku usaha leutik. Salah sahijina nyaéta Ujang, nu leuwih dipikawanoh ku warga minangka nu boga Kurnia Cell di Daerah Citungku gigireun puskesmas Rancakalong, usaha pulsa, kuota internet, jeung asesoris telepon sélulér.
Numutkeun Ujang, kaayaan ayeuna béda pisan dibanding sababaraha taun ka tukang.
“Ayeuna mah karasa pisan. Jalma nu biasa meuli kuota gedé ayeuna milih paket murah. Nu biasa meuli asesoris ogé loba nu ukur nanya, tapi teu jadi meuli. Hartina daya beuli warga turun,” saur Ujang.
Ujang ogé nyorot pernyataan Presiden Prabowo Subianto nu kungsi nyebut yén masarakat di kampung teu ngagunakeun dolar, ku kituna parobahan kurs dolar disebut henteu mangaruhan langsung kana kahirupan warga.
Numutkeun anjeunna, pernyataan éta karasa janggal lamun ditilik tina kanyataan di lapangan.
“Memang urang di kampung teu meuli ku dolar. Tapi pamaréntah meuli BBM, gandum, jeung rupa-rupa kabutuhan impor ku dolar. Lamun nilai rupiah melemah, biaya impor naék. Ahirna harga barang di pasar ogé milu naék. Jadi tangtu waé dampakna karasa nepi ka lembur,” jelas Ujang.
Pamadegan éta cukup logis. Sanajan warga henteu nyekel dolar sacara langsung, loba barang jeung jasa nu hargana dipangaruhan ku kurs mata uang asing. Lamun rupiah melemah, biaya transportasi, produksi, jeung distribusi bisa ningkat. Dina ahirna, masarakat nu kudu nanggung beban éta.
Di désa-désa, dampakna katempo tina pola konsumsi warga. Loba nu ayeuna leuwih ati-ati dina belanja. Barang nu henteu dianggap prioritas mindeng ditunda heula. Kabutuhan poko jadi fokus utama, sedengkeun belanja sékundér dikurangan.
Para palaku UMKM jadi salah sahiji pihak nu paling karasa pangaruhna. Nalika daya beuli turun, omzet usaha ogé nyusut. Padahal usaha leutik miboga peran penting dina ngajaga roda ékonomi di tingkat kampung.
Kaayaan ieu jadi pangéling yén stabilitas nilai rupiah, harga BBM, sarta kabijakan ékonomi nasional miboga pangaruh nyata kana kahirupan sapopoé masarakat. Ti kota nepi ka pelosok désa, gejolak ékonomi nasional bakal karasa lamun harga-harga terus naék sedengkeun panghasilan henteu ngaronjat.
Ku kituna, masarakat ngaharepkeun aya kabijakan nu leuwih ngadukung kakuatan daya beuli, ngajaga harga-harga tetep stabil, sarta mere rohangan pikeun usaha leutik supaya bisa terus hirup jeung mekar. Sabab lamun warga kampung kuat sacara ékonomi, nagara ogé bakal leuwih kokoh.